12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)

Pernah mendengar istilah biantara? Apa yang pertama terlintas ketika mendengar kata tersebut? Nah, barangkali orang sunda pasti tahu betul apa itu biantara.

Ya karena biantara merupakan penyebutan pidato dalam bahasa sunda. Biantara ini bisa dianggap sebagai salah satu upaya untuk melestarikan bahasa sunda.

Dalam beberapa hal seperti tujuan biantara sama dengan pidato dalam bahasa Indonesia, yaitu untuk menyampaikan gagasan kepada khalayak.

Hanya memang perbedaannya terletak pada bahasa yang digunakan.

Karena ini menggunakan salah satu bahasa daerah jadi sudah barang tentu tidak semua orang akan dapat membuat biantara dengan mudah.

Dan bahkan orang sunda sendiri yang tidak terbiasa melakukannya akan kesulitan untuk membuat biantara.

Oleh karena itu, pada artikel kali ini akan dibahas beberapa hal terkait biantara seperti hal yang harus diperhatikan dalam membuat biantara, dan juga contoh biantara itu sendiri.

Yuk langsung saja simak penjelasan-penjelasannya berikut ini:


Hal yang Harus Dilakukan Saat Menyampaikan Biantara


12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
kabarkampus.com

Apa sih yang harus dilakukan ketika menyampaikan biantara tersebut?

Karena biantara ini berhubungan dengan banyak orang dan bertujuan agar apa yang disampaikannya dipahami oleh pendengar, maka ada beberapa hal yang harus diperhatikan ketika kita menyampaikan pidato dalam bahasa sunda di antaranya:

1. Menggunakan bahasa yang mudah dipahami.

Artinya bahwa seseorang pemberi pidato harus bisa memahami audiens dengan baik.

Harus bisa menempatkan diri dengan siapa dirinya berpidato. Jika audiens adalah anak kecil, maka bahasa sunda yang digunakan juga bahasa yang bisa dipahami mereka.

Mudah dipahami baik struktur dan polanya maupun maksud dan tujuannya.

2. Memberikan salam pembukaan pada awal pidato

Seperti halnya ketika seseorang membuka percakapan, tentu akan ada seperti salam pembuka dan juga sedikit basa-basi sebelum menyampaikan isi percakapan tersebut.

Lebih baik jika kita bisa memberikan humor dan kalimat pembuka lainnya agar kesan pertama yang didapatkan dari pendengar bahwa pembawa biantara itu menarik dan layak untuk didengarkan.

3. Menyampaikan isi pidato secara garis besar

Menyampaikan isi pidato secara garis besar kemudian berilah penjelasan atau uraian yang lengkap dan jelas.

Jadi seorang yang menyampaikan biantara harus menjelaskan apa saja yang akan dibahas dalam pidatonya tersebut.

Sehingga nantinya audiens mengetahui sejak mula materi apa saja yang akan disampaikan dalam pidato.

Hal ini juga bisa menjadi pengingat orang yang menyampaikan pidato agar pembahasannya memiliki tujuan yang jelas dan tidak meluas kemana-mana.

4. Memberikan kesimpulan atas apa yang disampaikan

Kesimpulan juga sangat penting untuk disampaikan untuk mengingatkan kembali apa saja yang telah disampaikan dalam pidato, sekaligus membantu audiens untuk memahami apa yang disampaikan dengan lebih mudah dan sederhana.

5. Memberikan saran atau anjuran

Tidak ada salahnya jika seseorang pada akhir pidatonya memberikan semacam wejangan atau lebih tepatnya saran yang relevan dengan materi pidato yang diberikan.

6. Gunakanlah bahasa yang sesuai dengan audiens

Terakhir sebenarnya masih terhubung dengan point pertama, hanya untuk mengingatkan sekali lagi.

Jika audiens tersebut adalah orang-orang di suatu pedesaan maka pergunakan bahasa umum yang dimengerti oleh masyarakat setempat dan sederhana saja, tetapi tetap formal dan berkualitas.


Contoh Biantara


Karena berteori saja tidak cukup mari kita libatkan contoh-contoh biantara untuk menyempurnakan teori tersebut. ya agar penjelasan di atas lebih mudah dipahami secara nyata.

Contoh-contoh biantara yang disajikan di bawah ini akan memiliki topik yang beragam. Jadi yuk langsung saja lihat contoh-contoh tersebut:

1. Contoh Biantara Atau Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan Tubuh

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Kesehatan tubuh memang hal sederahan yang bisa dijadikan bahan perbincangan dalam biantara. Kesehatan adalah sesuatu yang dijaga oleh semua manusia yang hidup.

Dan sayangnya tidak semua orang bisa mendapatkan hal itu. Oleh karenanya dalam pidato tersebut bisa disampaikan untuk terus berusaha menjaga semaksimal mungkin.

Berikut adalah salah satu contoh pidato tentang kesehatan yang bisa dipelajari:

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

2. Contoh Biantara Tentang Kebersihan

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Topik ini juga bisa disampaikan di lingkungan rumah, sekolah, atau suatu kampung. Karena sebagaimana kesehatan kebersihan adalah hal yang harus dijaga untuk menghindarkan hal-hal yang buruk menimpa.

Jika kamu seorang siswa yang bingung bagaimana menyampaikan biantara tentang kebersihan, bolehlah simak salah satu contoh di bawah ini:

Assalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakattuh

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.

Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,

Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh kedah atau wajib ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya tiasa ngajaga kasehatan tina sagala rupi panyakit nu aya.

Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.

Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh kudu bersih sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci. Allah SWT mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.

Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana, sabab ngan bersih raga tapi hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna, hayu urang ngabersihan sagala rupina, sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.

Wassalamualaikum salam Wr. Wb.

3. Contoh Biantara Atau Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Bahaya Merokok

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Adapun merokok adalah kegiatan yang menurut kesehatan dapat memiliki dampak yang buruk bagi tubuh. Sayangnya tidak semua orang mengindahkan peringatan tersebut.

Terlebih masih banyak orang yang merokok tanpa menyadari hal tersebut dapat mengganggu orang-orang di sekitarnya.

Sehingga tidak ada salahnya jika topik tentang bahaya merokok menjadi pembahasan biantara yang bisa disampaikan kepada khalayak seperti salah satu contoh biantara berikut ini:

Assalamualaikun wr.wb

Sateuacana, nu paling utama, hayu urang manjatkeun puji puja sareng syukur ka gusti nu maha suci sareng teu hilap mugia sholawat sareng salam di limpah curahkeun ka rosulna. Dina danget ieu simkuring sanes asa lewih pinter, upami di sebatmah ngabejaan bulu bitis, tapi niatna ayeuna ursng sami sami ngingetan supados teu hilap deui hehehe.

Hadirin nu dipika hormat, upami ayeuna urang ninggal seueur pisan jalma nu tos nyandu kana rorok, tah upami urang ditilik tilik deui ti budak sd nepi ka nu tos umuran ayeunamah seueur nu ngalalepus di sisi jalan.

Duhh dan uk dicandak kamana tah indonesiateh?? Sok simkuring tos teu aneh ayeunamah tiasa ninggal budak smp atanapi sma bari lempang ka sakolana bari udud. Siganateh bangga bisa udud.

Komo mun tos saling pelenyun sareng rerencanganamah bari saling nyembur ku haseup roko. Kadangmah sok ngarasa aneh pan didinya nage tos di jelaskeun yen ududteh bisa ngakibatkeun impotensi, gangguan kehamilan, sareng kanker nu ujung ujungna bisa ngakibatkeun maot ku panyakit tadi.

Tapi nu dj anehnamah, naha jalmiteh siga nu cuek udud siga nu ngenah udud padahal upami sadar etateh duit nu dibelikeun pikeun neangan panyakit. Tapi ieu yeuh salah sahiji bahaya urang ududteh :

1.     Bahasa keur sorangan

Bahaya tina udud atanapi roko ieu seueur pisan, komo kanggo diri pribados nu mimiti ti bwhaya duit urang bisa beak nepika bahaya pikeun kasehatan, dina sabatang rokok loba zat kimia anu bahaya keur diri urang mimiti ti nikotin, sianida, metanol jeung nu sejena. Tah inget oge dina roko aya zat adiktif anu nyieun nu udud jadi katagihan atanapi deudeuieun, roko kanggo pacanduna bisa ngundang rea panyakit kawas gangguan napas, batuk garing, nyeri keur paru paru,  panyakit jantung, stroke, impotensi jeung gangguan kangge anu hamil.

2.    Bahaya keur batur

Rokok oge loba bahayana kanggo batur nu nginep haseup roko urut nu ngudud, lain ukur karbondioksida nu bahaya jadi racun tapi oge bayangkeun ditambahan ku zat sejena, ahh baya pisan tah ngarokoteh. Kumargi kitu urang kudu sadar kana bahaya rokoteh, tah upami tos terang boga bahaya keur batur, usahakeun urang ulah osok ngan ugikeun batur. Sabab batur miboga hak ngahirup udana anu beresih, udara anu seger.

Cobi mangfatkeun kanu sejen urangteh ulah sok ngudud lah, upami nu teu acan udud usahakeun jauhkeun tina godaan rokok anu bahaya eta, upami anu tos udud usahakeun eureunan tina udud eta, tapi upami anjeun tos jadi pacandu, usahakeun kurangan heula saeutik saeutik, nepika eureuna udud.

Tah kembangkeun we arti hirup anjeun jeung inget, daripada duit anjeun di pake udud di durukan pan leuwih sae di mangfaatkeun kanu lian nu loba mangfaat hade kangge awak atanapi masa depan anjeun.

Hapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

4. Contoh Biantara Tentang Maulid Nabi

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Bagi orang yang beragama Islam memperingati kelahiran Nabi Muhammad SAW adalah hal sakral. Banyak hal yang bisa kita renungkan atas kelahiran pembawa pesa Tuhan tersebut.

Meskipun kita tahu betul bahwa tidak ada seorangpun saat ini yang pernah melihat beliau.

Tetapi karena ajaran-ajarannya membekas dalam hati manusia maka ia seperti sungai mengalir saja dari generasi ke generasi sampai pada kita hari ini.

Kemudian sangat patutlah jika pada hari maulid Nabi kita bersyukur atas kehadiran beliau di muka bumi ini.

Berikut ini terdapat salah satu contoh pidato bahasa sunda tentang maulid nabi, yaitu:

Assalamu’alaikum Warohmatullahiwabarokatuh.

Puji nu jadi pamatri nu ngancik dina ati, puja nu sumarambah dina bayah ieu sadayana kagungan Allah Azza wajalla. Rahmat sinaren salam muga tetep ngocor ka jungjunan panutan alam, sosok insan anu pinuh ku suri tauladan, baktosna Rosulullah SAW.

Dina ieu kasempatan hayu urang sami-sami ningkatkeun kualitas iman sareng taqwa ku ngalangkungan ieu acara mepeling maulid nabi, iman sareng taqwa mangrupa hiji cara pikeun nimbulkeun rasa mahabbah ka allah SWT sarta micinta ka Rosulullah SAW.

Hal ieu pisan nu janten kakuatan dina enggoning ngambah hirup sareng kahirupan. urang tetep kedah nutur kan jalur Rosul, napak kan alaratan mantena. teu cekap hiji muslim laksanakeun wungkul mieling maulid nabi saupami teu disarengan ku padamelan anu dicontokeun ku kanjeung nabi.

Allah SWT ngadawuh laqod kaana lakum fii roulillahi uswatun hasanah hartosna temen-temen geus aya pikeun aranjeun di Rosulullah conto atawa suri tauladan anu hade.

Ku kituna hayu urang sami – sami dina enggoning urang ngarepkeun karidoan Allah sareng safaat ti Rosulullah, ku cara ngalaksanakeun ibadah oge mu’amalah nu disarengan ku conto ti Rosulullah SAW.

Mudah-mudahan bae urang sadayana sapapaosna aya dina ginulur karahayuan ginajar kawilujeungan tur kahontal kabagjaan dinya sareng aherat ku cara ngalangkungan ieu mepeling maulid nabi.

Wassalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

5. Contoh Biantara Atau Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Kamu seorang pelajar sekolah yang sebentar lagi akan meninggalkan sekolah? Lalu kamu ditugaskan untuk menyampaikan biantara kepada teman-teman serta guru-gurumu?

Sepertinya tidak ada salahnya jika kamu mempelajari contoh biantara tentang perpisahan sekolah berikut ini:

Assalamualaikum wr. wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.

Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.

Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun.

Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.

Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin

Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana.

Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.

Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur

Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalualaikum wr. wb.

6. Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Qada dan Qadar

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Berikut adalah salah satu contoh teks pidato bahasa sunda tentang qada dan qadar yang bisa kamu pelajari:

Assalamualaikum wr. Wb

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, patepang wajah.

Salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin.

Hadirin anu dipikahormat,

Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan. Bisa nyadarkeun yen saenyana sagala perkara anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt.

Ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran. Sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt. Jjadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt. Hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun nikmat ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt.

Upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt. Kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Sareng upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja

Anu hartosna :

“saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”

Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten.

Wassalamu ‘alaikum wr.wb

7. Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Kemerdekaan Indoensia

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
popular-world.com

Biantara tentang kemerdekaan Indonesia pasti marak disampaikan ketika hari kemerdekaan Indonesia tiba.

Yah karena tidak bisa dipungkiri perjuangan-perjuangan panjang negeri ini sampai pada kemerdekaan adalah hal yang tidak boleh kita lupakan.

Seperti kata-kata terkenal Bung Karno “jangan sekali-kali melupakan sejarah”. Nah di bawah ini terdapat contoh biantara tentang topik tersebut:

Para saderek Sabangsa jeung salemah cai

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Puji sareng syukur disanggakeun ka hadirat Ilahi Rabbi, urang sadayana tiasa sasarengan mieling hari Proklamasi Kamerdekaan Republik Indonesia nu ka ……….. ku ngayakeun paringetan kana hari Proklamasi Kamerdekaan“ ieu, hartosna urang bangsa Indonesia parantos ngaraoskeun kamerdekaan salami ……………. Taun.

Para saderek sadayana, peryogi pisan urang ngemut kana peristiwa anu kacida pentingna, yen dina tanggal 17 Agustus 1945 jam 10.00 Proklamasi Kamerdekaan RI, dikumandangkeun ka dunia Internasional, ti gedung Pegangsaan Timur 56 Jakarta. Dimana dina saat eta para wakil bangsa Indonesia kempel pikeun nganyatakeun tekad kamerdekaannana, sabagi bangsa anu merdeka jeung berdaulat. Dina detik-detik eta Bung Karno sabagi pembaca teks proklamasi, sareng Sukarno-Hatta sabagi pananda tangan teks proklamasi, atas. nama sadaya bangsa Indonesia.

Ku pernyataan eta para wakil bangsa Indonesia negaskeun ka sadaya rahayat, yen kamerdekaan nasional tos kahontat Sareng ngabuktikeun ka dunia Internasional yen kamerdekaan eta hak katut milik sagala bangsa.

Para saderek sadaya.

Anu kedah jadi perbatasan salamina, merdeka teh ngandunghartos tanggung jawab, maksadna hiji bangsa anu merdeka eta kedah pinuh ku rasa tanggung jawab kanggo ngabela, ‘miara, ngurus sareng ngeusian’ kamerdekaan, sadar sareng pinuh kasanggupan kanggo ngayakeun rupi-rupi pangorbanan anu diperlukeun kanggo kaluhuran, kamajuan sareng kajayaan lemah cai katut nagara urang.

Salah sahiji hal anu penting dina raraga mieling hari kamerdekaan, urang kedah gaduh rasa anu sajero-jerona dina jiwa anu suci tasyakkur ka Pangeran Nu Maha Kawasa, yen kamerdekaan nu kapimilik ku urang eta karunia ti Allah nu dipasihkeun ka bangsa Indonesia, diproklamirkeun dina tanggal 17 Agustus 1945.

Para saderek sadaya, sajabi ti eta urang kedah sadar deuih sareng leres-leres tiasa ngahayati yen ieu kamerdekaan teh lain pamere ti penjajah, tapi kamerdekaan teh hasil perjuangan anu nyata sarta hasil usaha bangsa Indonesia, ngorbankeun harta, tanaga sareng jiwa raga nu sanes sakedik. Syukur alhamdulillah dina waktu harita bangsa Indonesia sabilulungan ngahiji teu pandang bulu pikeun ngarebut lemah cai anu dipicinta Indonesia. ‘

Ku ni’mat kamerdekaan, kawajiban urang ngawangun nagara ku jalan ngagunakeun sagala daya katut upaya pikeun karna”muran sadayana.

Di antawisna kamerdekaan teh didamel jembatan emas kanggo ngudag sareng ngahontal kamajuan sareng kajayaan. Kamajuan sareng kajayaan anu tiasa dihontal teh gumantung kana kadaek, kasungguh-sungguhan sareng kagiatan usaha dina Widang pangwangunan, boh pangwangunan Widang fisik materil atawa dina Widang mental spiritual. Bangsa anu kirang rasa tanggung jawab, henteu giat usaha sareng teu leres-leres bajoang dina bidang pangwangunan, kaayaan bangsa anu sapertos kitu, moal aya bedana sareng nalika eta bangsa teh masih dijajah keneh.” _

Kamajuan dunya teh kudu disarengan ku kamajuan dina Widang rohani. Di antawisna sasama bangsa, sanagara, saagama sakedahna silih wasiatan dina hak jeung bebeneran. Urang sadayana diparentah ku Allah SWT sangkan silih wasiatan tina

iman, amal soleh, nangtungkeun ‘kaadilan jeung’beheneran di muka bumi, ngajaga katartiban kaamanan jeung katentreman masyarakat, sarta ngama’murkeun ieu alam dunya.

Manusa salaku makhluk Allah sadayana parantos dipaparin kakawasaan ngaraharjakeun _ sareng ngamajukeun bumi ieu, sanggup sarta tiasa ngagali rupi-rupi rahasiah alam, tiasa ngagunakeun anu saseueur-seueurna, pikeun pibekeleun hirup sareng kahirupan di dunya itu. “

Dawuhan Allah dina Al-Qur’an surat Hud ayat 60:

pidato bahasa sunda tentang hari kemerdekaan surat hud ayat 61

HUWA ANSYA-AKUM MINAL ARDLI WASTAlMARAKUM FIIHAA FASTAGHFIRUUHU TSUMMA TUUBUU ILAIHI INNA RABBII QARIIBUN MUJIB.

“Nya Anjeunna anu ngayugakeun‘maraneh tina bumijeung supaya maraneh ngama’murkeun bumi, ku kituna maraneh geura menta pangampura ka Anjeunna, jeung geura tarobat ka Anjeunna, karana saestuna Pangeran kaula kacida deukeu tna jeung ngaijabah.”

Para saderek sadaya.

Nagara urang parantos ngagaduhan falsafah Pancasila sareng UUD 1945, mangga urang sami-sami pertahankeun tina rongrongan tangan-tangan jahil nu rek ngarintang’ kana lancarna pangwangunan di nagara.

Akhirna dina raraga mieling hari kemerdekaan ayeuna, mangga urang sami-sami mintonkeun rasa syukur ka Pangeran nu parantos maparinkeun ni’mat kamerdekaan ka urang sadaya ku jalan:

1. Ngado’akeun ka arwah para pahlawan nu parantos gugur di medan bakti, ngemutkeun kana jasa-jasana ngorbankeun jiwa katut ragana pikeun ngabela sareng mertahankeun kamerdekaan lemah caina.

2. Ningkatkeun sumanget kapahlawanan hoyong neraskeun perjuangan para pahlawan nu parantos gugur, dina widang ngeusi sareng miara kamerdekaan ku jalan ngawangun dina saniskaten widang sarta rajin ngulik sareng mukakeun rasiah-rasiah alam anu aya sakuliah alam Indonesia ieu kanggo kamajuan sareng kama’muran bangsa Indonesia.

Sakitu kapihatur, mudah-mudahan Allah ta’ala salamina ngalimpahkeun rahmat ka sadaya bangsa Indonesia. Aamiin!

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

8. Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Pendidikan

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Yuk simak pidato bahasa sunda tentang pendidikan berikut ini:

Assalàmu’alaikum Wr. Wb.

Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW.

Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.

Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib Belajar Pendidikàn Dasar“.

Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda.

Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah geus tàngtu bakal sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu teu tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.

Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter.

Lamun masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà sejen jeung bakàl kalindes ku kamajuàn jaman.

Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun progràm ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur nuhun kànu sadaya perhàtosannana.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.

9. Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Hari Pahlawan

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
gurupendidikan.com

Di bawah ini terdapat salah satu contoh biantara tentang hari pahlawan yang bisa dijadikan referensi:

Assalamu ’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Kalawan kasempetan isuk ieu anu cerah pisan ieu,marilah urang curahkan rasa sukur urang ka Allah Swt,margi dina kasempetan ieu urang bangsa Indonesia,tiasa pangemut dinten pahlawan,benerna dina ping 10 Nopember tahun…..Gampil-mudahan dina mepeling ieu urang sok ngeling-ngeling,sarta ngajenan j pangharepan-j pangharepan para pahlawan anu atos gugur miheulaan urang demi bangsa Indonesia anu tercinta ieu.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia anu tercinta

Minangka bangsa Indonesia haruslah terang sajarah liku -liku perjuangan bangsa,kanggo nyingkahkeun para pangjajah anu ngawasa di indonesia. Perjuangan ieu nampaknya abot pisan dirasakeun,margi nyawalah anu barobah kaayaan taruan. Bercucuran getih,bermandikan getih di medan perang kanggo kamerdikaan bangsa.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Kiwari urang kantun ngarasakeun raos na berdiam di nagara anu caos kalawan kedamaian,sarta ieu sadayana mustahil kabiruyungan,tanpa kitu kaayaanana perjuangan anu kiat.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Saban ping 10 Nopember urang bangsa Indonesia haruslah ingatlah balik mangsa anu kapungkur nasib bangsa urang. Urang emut balik perjuangan pahlawan,sarta ulah hilap urang ngungkabkeun rasa sukur ka Allah Swt. margi nikmat anu kaetang diloba ci (hujan)keun ka bangsa urang,nyaeta mangrupi kameunang kanggo ngarebut lemah cai Indonesia anu atos dikawasa para pangjajah.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Dina kasempetan isuk anu cerah pisan ieu marilah urang menadahkeun kadua panangan urang kanggo memohon ka Allah Swt. gampil-mudahan pajoang urang sadayana mendapat tempat anu bingah disisi-Na. Gampil-mudahan Allah Swt. sok masihan kakiatan wedal sarta bathin ka pamingpin-pamingpin urang anu kitu tangguh dina milampah kamakmuran rahayat na. Gampil-mudahan bangsa Indonesia jaya salamina,damau,tenang,aman sentosa. Gampil-mudahan bangsa Indonesia ditangtayungan ti marabahaya. Gampil-mudahan Allah sok meridlai peijuangan pamingpin urang,sarta ngabales minangka amalan shalih kalawan pahala anu balipet-lipet di aherat jaga.

Kitu biantara urang,manawi wae aya sanggem-sanggem anu kirang ngawidian dihati urang menta hapunten. Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

10. Contoh Biantara Tentang Ikhlas Beribadah

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh!

Bapak sareng Ibu Guru oge hadirin sadayana nu ku simkuring dipihormat.

Shalawat sareng salam urang haturkeun ka Junjungan urang Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulantaran Anjeuna pisan urang sadayana janten tiasa ngabedakeun perkara mana anu haq jeung nu bathil.

Hadirin sadayana nu di Mulya keun ku Allah

Unggal jalmi tos tangtu ngaharepkeun kabagjaan Dunya rawuh Akherat. Kabagjaan eta teu tiasa dilakonan kucara sakadaek, hura-hura, sareng sadaya hal nu ngalanggar syariat agama Islam. Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos ditangtoskeun ku Alloh SWT, saperti nu ditulis  dina  Al-qur’an sareng Hadits .

Ngalakukeun ibadah mun di mimitian ku hate nu Ikhlas, hartina ngalakukeun kaalusan teh teu hayang di tempo, komo deui dipuji ku batur mah. Urang kudu ngajauhkeun diri tina kalakuan Riya, sabab hal eta nu  bisa ngancurkeun amalan hade , akhirna urang ibadah teh ngan sakadar meunang cape .

Kanjeung Nabi SAW nerangkeun , Ciri-ciri jalmi nu Riya, nyaeta:

1. Sanajan sifat aslina males, bakal rajin lamun dihareupeun batur.

2. Ibadahna getol karna hayang dipuji ku batur, mun di tegor langsung pundung

Mudah-mudahan urang sadayana ditebihkeun dina sifat Riya tadi,, Amiiin ya Robbal Alamiin..

Mung sakitu pihatur ti simkuring, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Hapunten pami masih seueur keneh pisan kakiranganana.

Akhiirul Kalaam, Wabillaahi taufiiq Wal hidaayah

Wassalamu’alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh

11. Contoh Biantara tentang Kesehatan Jasmani dan Rohani

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pixabay.com

Kesehatan tubuh merupakan salah satu hal penting yang perlu dijaga oleh setiap manusia agar terhindar dari berbagai macam penyakit yang tentunya akan tidak enak jika terserang penyakit tersebut.

Tidak hanya sehat secara tubuh saja (jasmani) yang perlu dijaga, melainkan juga kesehatan rohaninya.

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Dina danget ieu sim kuring bade maparkeun kabalarea yen urang teh penting ngajaga kasehatan.

Kesehatan bisa di sebat hal anu poko Anu Kedah ku urang di jaga tidak ngora nepika jaga. Kesehatan oge tiasa disebat kanikmatan anu luar biasa anu teu Aya bandingan nana.

Hadirin anu dimulyakeun ku Gusti Allah, Aya seueur cara kanggo urang ngamumule kasehatan pikeun diri urang.

Mimiti ti kesehatan raga atanapi jasmani, diteruskan karena kesehatan jiwa atanapi rohani.

Tah upami urang Hoyong sehat jagjag waringkas, urang Kedah soson soson meresihan diri urang Tina Sagala kokotor, Bade eta Kotor rohani atanapi kokotor jasmani.

Upami meresihan kokotor jasmani mah kurang resep mandi, meresihan lingkungan, Jeung Sagala anu bisa nyebarin urang jadi kakeunaan ku panyakit, tapi meresihan kokotor rohanimah ku urang kudu ningkatkeun Kalimantan la Gusti Allah.

Tah kesehatan teh lain saukur beresih tina Sagala rupa, kusabab nu beresih teh can tangtu sehat. Tapi ku urang Aya usaha keur meresihan eta awak atanapi rohani, didinya Aya point awak urang bisa kagerakeun, nu Matak bisa jadi ngajagjagkeun raga urang.

Jadi sehat teh lain saukur kudu bersih tapi urang Oge kudu miboga aktivitas anu bisa ngagerakeun awak urang aneh loba racun anu kaluar Tina awak urang. Kaluar namah bisa ku kesan, ku ompol Jeung sajabana.

Inget Ieu kecap “ sakumaha beunghar eta jalma, upami anjeuna teu jagjagmah tiasa disebat rugi pisan jalmanateh, soalna teu bisa nganikmati kabeungharanana, tapi inget kanikmatan anu utama nyaeta, upami urang beunghar nya dipaparinan kasehatan, tur salamet dunya Jeung aherat.

Tahh.. kusabab kitu sok urang ulah nyiar naon naon nu bisa jadi pipanyakiteun, tapi siarmah naon naon nu bisa piduiteun Jeung pisehateun.

Inget piduiteun Jeung pisehateun, upami piduiteun tapi teu dibarengkan ku pikasehateunmah ulah, sabab keur naon nyiar duit Ari tingtung anda urang kudu geuringmah. Talung keneh nyiar pikasehateun da Ari geus sehatmah urangteh bisa nyiar duit.

Tahh.. kukituna urang salareaa kudu ngajaga kasehatan teh, inget nu beunghar bari gerong lamun ditanya hayang naon pasti jawabanana “hayang sehat“. Tahh kukituna urang bisa nyimpulkeun kasehatanteh leuwih beunghar tibatan harta nu ku urang digugulung.

Dupi siganamah sakitu Bae anu tiasa dikapihatur, hapunten Tina kasalahanana, Jeung inget hayu urang kudu sehat tur jagjag Dina raga Jeung rohanina.
Sakinten wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

12. Contoh Biantara tentang Perpisahan

12 Contoh Biantara Berbagai Topik Populer (Lengkap)
pexels.com
Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu

Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep (6).

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal konkret sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah tiba ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

 


Sekian penjelasan tentang hal-hal yang perlu diperhatikan dalam membuat dan menyampaikan biantara atau pidato bahasa sunda beserta contoh-contohnya.

Semoga biantara ini akan tetap ada sampai kapanpun meskipun modernitas terus melangkah angkuh sampai ke pelosok-pelosok negeri.

Jadi untuk kamu yang ingin belajar biantara selamat dan semangat karena kamu sedang turut berjuang melestarikan bahasa sunda. Semoga bermanfaat!

Originally posted 2021-01-24 01:10:21.

Leave a Reply

Your email address will not be published.