22 Contoh Geguritan/Puisi Bahasa Sunda Berbagai Tema

Contoh Geguritan/Puisi Bahasa Sunda – Bahasa Sunda adalah salah satu bahasa daerah di Indonesia, khususnya Jawa Barat.

Aksennya sangat kental dan khas, membuat banyak orang penasaran dengan bahasa ini.

Nah, bagi Anda yang tertarik mempelajari bahasa Sunda, Anda bisa mempelajarinya melalui puisi Sunda.

Ada berbagai tema yang bisa Anda adopsi untuk dijadikan sebagai puisi.

Misalnya, puisi Sunda yang mengangkat tema ibu, tema-tema alami, keagungan Tuhan, romansa, dan persahabatan juga dapat digunakan untuk menulis puisi.


Geguritan/Puisi Bahasa Sunda


Berikut beberapa geguritan/puisi/kidung bahasa Sunda yang bisa Anda pakai untuk tugas sekolah atau kuliah.

Geguritan/Puisi Bahasa Sunda Tema Alam

1. Kaėndahan Alam

Cahya panon poė, nya’angan kana haté
Hiliwirna angin, Tiis kana dada
Tatangkalan ting garupay, Nambih nyieun ėndahna alam

Lemah cai negeri nu can kena ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipupusti
Supaya tetep asri lestari

2. Alam Ciptaan Gusti Nu Éndah

Angin tiis dongkap dina poé isuk
Mapagkeun panon poé isuk-isuk..
Hejona tatangkalan endag-endagan katiup angin

Nuhun pisan gusti, kanikmatan sadaya anu tiasa abdi rasakeun..

Kaéndahan alam nu tos anjeun ciptakeun
Janten nyata kakuasaan nu teu aya tandingan nana..

3. Éndahna Désa Abdi Teu Aya Duana

Sora manuk kadangu tina balik dahan tangkal
Sorana ngenah jiga tembang kawih

Alam éndah pinuh ku daya sima
Tatangkalan hirup subur teu aya kasangsaraan

Sora angin nu sing hiliwir ngusapan raraga
Kaéndahan alam desa abdi émang teu aya duana..

4. Alam Nyien Abdi Sumanget

Abdi muka soca..
Katingali, panon poe isuk nu nembus kana jero rohangan

Abdi muka jendela..
Katingali, halimun tina balik tatangkalan padesaan.

Netesna embun ngabaseuhan daun-daun nu aya dina tangkal
Sora-sora manuk karasa merdu kadengena..

Angin nu ngahembus nambih sumanget jiwa raga
Tina alusna kaendahan alam ieu, abdi sadia ngajalankeun dinten ayena.

5. Ningali Endahna Alam Di Bukit

Sora tiupan angin basisir asa karasa endah pisan
Ombak-ombak nu ararageung nambih daya tarik alam

Halimun isuk ngabasehan pare sawah nu mulai harerejo
Gunung nu luhur ngajulang makin makmur tur répéh

Abdi calik dina luhur bukit gunung..
Ningali endahna kaendahan alam ciptaan pangéran ieu.

6. Endahna Desa Tos Teu Aya

Éndahna désa nu harita alus duka kamana
Alam nu tadina hejo ayena tinggal carita
Desa abdi ayena barobah tos jadi kota

Kamana dei abdi neangan ka endahna alam nu harita pernah aya?

Ayeuna nu aya tinggal karasa hariwang tur panas
Sabab alam desa abdi nu endah ayena tos teu aya.

Asa ku geunah ningali leuweung anu galedé jeung harejo harita.
Rupa-rupi sasatoan aya kabeh didinya

Nanging, jalma-jalma nu teu boga etika tos ngaruksak alam dunya..
Tatangkalan dibabad beak ku maranehana nepi teu ka sesa

Leuweung nu sakitu gedena di beuleum nepi kabeakna
Pikeun kabutuhan sakumpulan jalma-jalma nu teu boga etika.

7. Ka’ayaan Désa Abdi Harita

Unggal peting kadéngé sora jangkrik nu ngaderik
Silih patembalan dina peting jiga alunan musik

Saetik tiasa ngubaran kaayaan haté anu nalangsa
Ngingetkeun abdi kana lalampahan basa letik harita

Sora hayam nu silih patembalan ngahudangkeun abdi
Suara manuk nyaranyi ngaramékeun kaayaan di desa
Oh, éndahna kaayaan alam di desa abdi

Angin seger sing hiliwir tina tatangkalan nu salubur didinya.
Tiupan angin karasa tiis tina kaayaan isuk di desa

Tiisna ibun narempel tina dahan-dahan tangkalna.
Mani endah pisan pemandangan désa abdi baheula

Nanging warsih ayena tos loba wangunan sareng pabrik didinya
Ngagantikeun kaéndahan pamandangan alam desa abdi nu harita.

8. Endahna alam Kamana?

Batu karang katingal dilautan
Sawah éndah nyien anteng raraga

Nanging sawah nu loba ayena tos teu aya
Ku sabab mesin-mesin badag anu murka

Di taekan ku jalma nu durjana..
Ngarusak sadaya sawah-sawah nu aya

Kitu, ngan saukur neangan kakayaan samata..


Geguritan Bahasa Sunda Tema Pahlawan

1. Pahlawan kanggo nagara Indonesia

Kuatna musuh henteu anjeun jadikeun alesan, pikeun ngalawan perang ngalawan panjajah..
Pahlawan terus bejuang kanggo kamerdekaan nagara indonesia.

Anjeun perang dijalan nu dipirido ku allah ta’ala, janten mangpaat kanggo nagara jeung bangsa..
Kadang urang sok poho kana jasana pahlawan, anu tos ngorbankeun jiwa sarta nyawana..

Kanyeri nu tos di rasana, sakabehna kanggo nagara urang nyaeta Indonesia tercinta!

2. Pahlawan Indonesia

Suara tembakan henteu anjeun hiraukeun, pikeun ngabela bangsa indonesian nu bebas tina panjajahan..

Harta sarta nyawa anjeun korbankeun..
Maju terus teu pernah gentar saeutik oge pikeun ngusir maranehna para panjajah..

Mugi-mugi semanget juang anu anjeun wariskeun harita tiasa dirasakeun ayena, pikeun nuntun bangsa indonesia supaya terus maju..

Mugi-mugi oge amal, ibadah, sarta jasa anjeun nyaeta para pahlawan sadayana bisa di tampi ku gusti allah taala..

3. Kanggo anjeun pahlawan indonesia

Pikeun negri.. Pahlawan korbankeun hirupna.
Pikeun bangsa.. Pahlawan tarohkeun nyawana.

Pahlawan teu pernah gentar ngalawan panjajah, sanajan maut aya di harepeun nana..

Semanget juang pahlawan nu ageng, ngusir kabeh maranehanana nu jadi panghalang negri harita..

Dinten-dinten anjeun nu pinuh peperangan, henteu ngaruntuhkeun semanget juang anjeun kana ngusir panjajah nu aya di indonesia..

Anu ayena nganterkeun bangsa indonesia nuju ka gerbang kamerdekaan nana anu nyata.

Pahlawan, kumaha abdi tiasa ngabales jasa-jasana..
Ka nu atos anjeun pasihkeun kanggo bumi pertiwi indonesia..

Anjeun pertarohkeun nyawa pikeun kaciptana kamerdekaan indonesia..

4. Puisi pikeun pahlawan kuring

Ngenang para pahlawan bangsa
Ngahibar dina syair sang saka..
Ngakobar dina puisi indonesia
Kanggo ngahontal cita-cita anu merdeka..

Napak tilas pamuda bangsa
Ngahiji dina semanget jiwa raga..
Ngagema di jagat nusantara
Kanggo ngahontal prestasi sarta karya..

Merdeka…!
Nahtaan dina awak pejuang bangsa
Pejuang teu pamrih kanggo republik anu kacinta..
Ngagelora di gurat khatulistiwa
Masihan kejayaan bangsa sapanjang mangsa..


Geguritan/Puisi Bahasa Sunda Tema Ibu

1. Hatur Nuhun Ema..

Ema, gede pisan rasa pikanya’ah nu ema pasihkeun ka abdi..
Teu pernah ema ngarasa cape piken ngabimbing abdi..

Ema sagalana pikeun abdi..
Ema, malaikat nu pernah aya dina hirup abdi..
Ema pasihan abdi cinta anu nyata..

Ema, abdi menta hampura..
Can bisa ngagapai impian jeung harapan pikeun ngabahagiakeun ema

Abdi hoyong ceurik, nangkeup kenceng, di pangkuan ema.
Kadang, abdi osok inget basa keur letik bahela nu calik di pangkuan ema..

Hampura abdi ema..
Nu sering nyien ema ceurik karna tingkah laku abdi..
Mungkin sering oge abdi nye-nyerikeun hate ema..

Hampurakeun abdi pisan ema..
Abdi alim durhaka ka ema..

Ema, izinkeun abdi nyium pean ema..
jeung ngabahagia keun, ngajagaan ema terus salamina.

Memang. nu abdi lakukeun ieu moal pernah bisa..
Bisa ngabales kabeh kasih sayang nu pernah ema pasihan ka abdi..

Nuhun pisan ema, entos ngajaga’an abdi ti leutik nepi ka gede kieu
Nuhun oge tos masihan kasih sayang, nu moal mungkin bisa abdi boga selain ti ema..
Abdi nya’ah pisan ka ema salamina..!

2. Ema Sagalana Pikeun Abdi..

Ema pikeun sagala-galana pikeun abdi..
Bahkeun gusti allah oge ngajamin surga teh aya di telapak pean ema..

Ema terus peduli ka abdi, basa abdi keur ngarasa kasepian..
Ema oge pasti ceurik mun nuingali abdi keur ngarasa ngaderita..

Ema memang sosok nu teu pernah bisa kagantian sapanjang hirup..
Warsih-warsih lamina, ema tos ngasuh abdi..
Warsih-warsih lamina oge mungkin abdi teh poho ngucapkeun nuhun ka ema.

Abdi mungkin loba dosa ka ema..
Hampurakeun abdi nya ema..??
Nu tos hilaf sakabeh dosa abdi ka ema salami ieu..

Salapan sasih lamina ema berjuang demi abdi..
Ema naruhkeun nyawa pikeun ngalahirkeun abdi..

Perjuangan ema memang ageng pisan..
Hampurakeun abdi ema, abdi teu pernah ngucapkeun nuhun ka ema..

Teu aya sutera anu paling lembut kos belaian ema..
Teu aya tempat anu paling nyaman selain pangkuan ema..

Teu aya kembang nu paling alus selain ningali seuri ema..
Teu aya jalan anu lurus selain tapak pean ema..

Ema jadi alasan abdi bisa hirup di dunya ieu ayena..
Nyaeta hiji awewe anu tos masihan cinta, jeung pengorbanan anu nyata.

3. Ema, ka-asih nya’ah ku abdi..

Di peuting anu karasa tiis ieu..
Abdi lir ibarat sorangan

Abdi hudang tina sare..
Teras langsung ka ingeutan sosok ema..

Ema, harita anu sok marengan abdi..
Nnyaksian bulan jeung béntang kala peuting datang..

Namun, ayena teu bisa abdi rasakeun deui..
Lantaran abdi tos hirup misah jeung anjeun na

Ema, Abdi nyaah pisan ka ema..
Abdi hoyong ngarasa keun lembutna dei hate ema
Ema, anjeun tetep aya dina hirup abdi salamina..

4. Ema..

Ema…
Anjeun nyaeta jalmi anu atos ngalahirkeun kuring
Ngandung kuring salila salapan sasih..

Ema…
Anjeun anu ngagedekeun kuring,
Ngarawat kuring dugi sagede ieu..

Ema…
Anjeun anu mamagahan kuring bisa papah..
Anjeun deui anu mamagahan kuring ngartos..

Ema…
Mun lain anjeun, abdi teu aya..
Mun lain do’a ti ema abdi henteu sukses..

Ema…
Anjeun nyaeta jiwa sarta awak kuring..
Anjeun oge malaikan anu nyata di dunya

Nuhun Ema…
Pikeun kaasih pikanyaah ema salami ieu ka kuring..

5. Ema salamina

Ema.. sapopoé teu aya seuri ti ema,
Kawas wengi teu aya sasih

Sapopoé teu ningali lengkah ema,
Kawas langit teu aya bentang ..

Sapopoé teu aya diri anjeun,
Sapertos hirup kuring teu aya hartina
Ema, abdi hoyong anjeun aya di dieu, Di sisi kuring

Sabab detik, menit sarta tabuh,
Abdi teu sanggup mun teu aya anjeun ..

Dinten, sasih, warsih,..
Abdi ngan hoyong ngabahagiakeun anjeun
Abdi hoyong anjeun sareng kuring salamina ema..

6. Poekna wengi

Di poek na wengi ieu abdi mikirkeun anjeun
Abdi tinggali ka langit, mani poek teu aya bentang.

Kos kawas abdi nu sorangan dina kasunyian peuting ieu.
Dina pikiran abdi, teras kaingetan sosok diri anjeun

Abdi inget basa harita ema anu maturan, jeung ngabimbing abdi
Dina dinten dinten wengi nu endah.

Ema, hapunten.. Mun abdi terus midamel ema ceurik,
Teu terang sabaraha se’eur cipanon anu tos abdi jien..

Ema, hampura keun anak anjeun ieu..
Karna teu acan sempet midamel anjeun jadi bungah.


Geguritan/Puisi Bahasa Sunda Tema Cinta

1. Katresna anu pernah Katunda

Jungjunan…
upami salira ngintun wartos..
sok aya peraosan nu nambih…
nambih nyaah..
nambih sono..
nambih mikatresna..

Duh panutan hate..
iraha tiasa patepang..
tiasa nyarios seueur..
tiasa silih pihapekeun rasa anu tos lami teu dugi..

Duh, jungjunan…
ieu hate moal kamana-mana..
moal bakal nyapirakeun..
kana katresna anu kantos dititipkeun ku salira ..

Jungjunan…
rasa sono …
rasa yaah …
moal aya tandinganna..
moal aya babandingannana..

Ningali salira nu tos lami teu katingal dedeganana..
nu tos lami teu karaos asihna..
nu tos lami diimpen-impen…
disapirakeun ..
dikantunkeun..

Duh, jungjunan hate punten..
tos lami ieu hate teu ngartos kana kaayaan ati salira….
ahh.. moal ningali kapengker..
nu penting mah ayeuna..
geter hate teh ngan ukur kanggo salira..
kasono teh bet moal aya bandingannana..

Bungah..
Endah….
dugi ka ngeclak cipanon bakating ku bungah sareng sonona….
ka salira katresna ka salira moal liren dugi kairaha oge..
dugi kamana oge dituturkeun..
sanaos teu ditungtun..

——=———–=——

2. Katresna Kanggo Salira

Jungjunan…
kacinta..
katresna..
kadeudeuh..
kanyaah..
kasono..
kaheman..
ka salira..
beuki muka..

lawang katresna ka salira…
beuki muka..
panto ka sono kasalira
beuki molongo..
jandela ka kanyaah
beuki muka..yyyyy

——=———–=——

3. Dina Impenan

Jungjunan…
unggal dinten ..
nu diantosan wartos saliranu
diimpen mung salira
sanaos tara nyarios dina impenan..
mung ukur gumujeng bari ningalikeun..
deudeuh pisan..

duh..
jungjunan..
tapi geuningan nyata..
salira geuning nyaah pisan..
deudeuh pisan..
tresna pisan..

ah..
kuring bade teras gugah..
bade nguping wartos ti salira
bade merhatoskeun salira..
bade nyiar impenan anu katunda….

duh..
pamugi leres..
ieu teh bakal wujud..
masing teu terang iraha waktosna..
iraha jantena
duka atuh..
meni hese….
kabungah teh geuning aya hahalangna….uuuuu

——=———–=——

4. Kanggo Salira

jungjunan..
wengi ieu karaos pisan sonona..
beuki lami..
beuki dieu..
unggal usik unggal malik..

duh..
geuningan rindat salira nu karaos..
aya anu gumuruh dina lebet dada..
tos lami teu kedal..
mung ukur dibuni-buni..
disimpen dinu pangnyingkurna..
geuning ayeuna….
kuring bagja pisananu karaos teh endah..

duh..
iraha atuh tepang..
iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..
ngaraoskeun seungitna cinta ti salira.. ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..
ngaraos bungahna..
basa gugah teh geuning aya salira
bari neutuep geugeut..

sono..
deudeuh..
nyaah..
tresna..
kasono teh ngan ukur kagungan salira..
salam sono sareng katresna..

Nah, Bagaimana Geguritan atau puisi bahasa sunda yang sudah dijabarkan diatas? Keren kan? Semoga bermanfaat bagi Anda. Salam.

Originally posted 2020-11-15 20:21:06.

Leave a Reply

Your email address will not be published.